Senin, 28 Maret 2011

Kemed&Icih Part 1

kacaritakeun di daerah sunda, aya sapasang salaki pamajikan,pagaweana cekcok we.



Icih : kumaha ieu teeh nya?, duh s si kemed teh, teu baleg-baleg pisan? (bari ngilik-ngilik)
kemed : aing rek ngabeca lamun aya nu nanyakeun bejakeun we keur dines.kade hati-hati di imah (bari make topi)
Icih : he’eh jung. Kade balik na tong beurang teuing.aing butuh duit ., (nyeletuk)
kEmed : nya he’eh atuh, geus meunang duit mah aing ge balik, kumaha milik we…
Icih : Lain kumaha milik kumaha milik... ulah siga kamari balik magrib teu mawa duit saperak-Perak acan. Lieur aing mah. (rada ngambek)
Kemed :he’eh da kamarimah muatana ge euweuh. Ti isuk jedur aing nungguan muatan, euweh saurang-urang acan, aya eta ogge saurang, teu di tarik ku aing mah, jelema na teu gableg pikiran, piraku ukuran narik mere dua puluh rebu? (kesel)
Icih : eleh-eleh dua puluh rebu teu ditarik? Naha sia teh olo-olo teuing.! (kesel bari saeutik nyentak)
Kemed : Lain olo-olo jauh deuleu ka Surabaya.
Bisa wae ku aing di tarik, ngan balik na beca meureun suku aing tinggal sajengkal.
Icih : dasar jelema were sia mah, di ajak nyarita sabener-bener kalah ngacaprak kamana wae, aing mah lin heureuy emed, aing mah nyaan butuh duit. (tamah kesel )
kEmed : teu ngarti aing mah ti mimiti ku aing di kawin nepi ka ayeuna anger we sia mah butuh duit .Asa teu insap-insap. (gigideg)
Icih : aeh-aeh eta si curik, yeh kemed, aing mah menta duit soteh jang mayar hutang, da sia mah teu nyaho, nunagih hutaNG meuni rabul, era deule. (makien kesel)
Emed : alus loba hutang mah, ( cirina loba nu mercaya.
Icih : dasar sia mah jelema teu boga kaera, kanel kulit beungeut sia mah.(kesel campur ngambek)
kEmed : eh, alus ge kanel beunget mah, tibatan kulit beungeut ipis. Disibeungeutan 2 kali, beak beunget aing.
Icih : ahhh… tobat aing mah, ampun gusti…(beuki kesell))
kEmed : aing nu tobat mah, ungal rek init namangan kudu we riweuh ku urusan nu nagih hutang,.
Icih : Yeuh, aing mah yeuh.
Kemed : arek di tagih teu daek aing mah.
Icih : aeh, aeh siah, yeuh kemed, dengekeun yeuh.!
menta duit soteh keur mayar hutang, tatadi ge aing ngomong keur mayar hutang, ari s ia teu ngarti-ngarti atuh kemed.!!! (ngambek campur kesel)
Kemed : Heu’eh enggeus atuh, nguruskeun waE nu nagih nu nagih, da aing mah lain hayang di tatagih, jeung jelema na we asa kabina-bina, jaba nganyukeun jaba nagih. Teu gableg kaera.. (kukulutus)

Icih : sia teh lieur…. (tambah ngamek)
Kemed : tuda enya asa kabina-bina,ungal rek init nawangan , kudu wee ribut ku nagih hutang, balik namangan geus di papagkeun kunu nagih hutang, jadi lieur ka aing nage.
saha wae anu nagih hutang teh?????? (kesel bari gagaro sirah)
Icih : Loba, ceu Kenoh, kang rustap, aki oci (ngome-ngome ramo), malah aki oci mah nagih na the ngabring jeung anakk incu na, da ku siaaa di anyukan kabeh (kesel)
Kemed : geus kieu we tuh, sakur nu ngih hutang datangan ku sia kabeh, bejaan isukan pabeubeurang ku aing di dagoan di dieu. (ngomong wijaksana)
Icih : tah… kitu atuh. Eta ngarana lalaki tangung jawab, jadi isukan teh arek di bayar kabeh nyah???? (rada alon ngomongna tur teu pati kesel)
Kemed : Lain. Aing rek ngamuk… (omonganna tarik)
yeuh, cing saksian ku sia, aing rek berjuang di rempug ku nu nagih hutang,..
tempokeun hasilna, aing anu gugur atow nu naragih hutang ngagaroler…!!!
Icih : sia mah kalakah ngacapruk, dasar sia mah jelema teu boga pikiran.!, kalahkah ngacapruk, cing atuh kemed da sia the lalaki, mikir atuh usaha. (balik deui kesel)
Kemed : beu…, kapan aing the tadi the arek indit usaha, ngadon di ajakan pasea. (ngomekeun topi anu di pake manehna)
Icih : iyeuh, maksud aing mah neangan usaha sejen, lain ngan nganelkeun tina usaha ngabeca hungkul, yeuh kana naon weh, tuh kawas batur ngabelaan anak pamajikan teh , nepi katoh-tohan banting tulang.
Kemed : Oh, jadi aing teh kudu banting tulang? Heug ku sia kumpul keun tulang-taleng sing loba.
ku aing rek di puntang panting. Tempokeun supaya kadeuleu aing the banting tulang.
Icih : dasar….. jelema teu ecreug, dasar jelema wereu…
yeuh, kemed sing mikir atuh sia the, kacida-cida teuing, jadi lieur ka aingna.(makin kesel campur ngamek)
Kemed : tuda enya kesel aing mah, (kukulutus)
Icih : aing nu kesel mah, bingung kumaha mayarann hutang,(ningali ka si Kemed)
Kemed : Lah…, na ku bingung-bingung teuing, yeuh urusan mayar hutang mah ulah dipikirkeun, tuh si Omod kakarn ek ngajual motor payu opat juta satengah,.
Icih : terus kumaha??? (sarius ningalikeu si Kemed)
Kemed :karep… make kumaha, antep wee….
motor-motor manehna di jual-di jual ku manehna, yeuh urang mah tong pipilueun, era deuleu, mikir atuh.
Icih : yeuh ari sia the nyarita kamana wae,?
iyeuh nyaho aing the keur susah, (beuki kesel wae)
Kemed : he’euh tong mikiran wae kasusah tuh, bangblaskeun sing janglar, tuh jiga babaturan aing, si Saro , sangsara na leuwih-leuwih ti urang, anak reuay salima-lima , hutang sa abreg-abreg, tapi jelema na mah teu lunguwut,, gumbira we kaditu kadieu the teu weleh seuri, nyaho-nyaho maot weh TBC… (nyeletuk)
Icih : astagfirullah ari maneh, yeuh pangpangna nu jadi pikiran aing the si otong, lamun nepikeun si otong di eureunkeun ti sakola na, rek kumaha budakl the kahareupna.,
(Kesel sabari ngarames bajuna)
Kemed : ah, kumaha engke we. Maung ge teu sakola teu weleh we hirup. Teu eleh ku sarjana, sok wani tarohan aing mah, maung di adukeun jeung sarjana , aing tarohan meunang maung siah.
Icih : Dasar jelema weureu sia mah . di ajak nyarita sabener-bener kalah ngacaprak, dasar ataah odol, hese nyarita jeung jelema burung mah.(kesel)
Kemed :he’euh enggeus atuh , ulah mikiran wae kasusah, moal aya tungtung na.(bari nangtung)

Teu lila, aya semah datang.


BERSAMBUNG

Tidak ada komentar:

Posting Komentar